:

1 Raja-raja 15

1

Abia mimiti jumenengna raja teh sanggeus Yarobam dalapan belas taun ngarajaanana di Israil.

2

Abia ngarajaanana tilu taun, di Yerusalem. Jenengan ibuna Maaka binti Absalom.

3

Abia oge teu beda ti ramana, midamel dosa, teu sumujud ka PANGERAN Allahna, teu cara Daud eyangna.

4

Tapi papadaning kitu, ku tina PANGERAN emut ka Daud, Abia ku PANGERAN Allahna teu burung dipaparin putra pameget anu baris nuluykeun ngarajaan di Yerusalem gegentos anjeunna jeung sangkan Yerusalem bisa tetep ngadeg.

5

Eta teh ku bawaning PANGERAN ngaraskeun ka Daud anu geus ngagenahkeun manah Mantenna, tara pisan nyimpang tina sagala timbalana-Na, kajaba sakali dina perkara Uria urang Het tea.

6

Abia jeung Yarobam oge teu eureun-eureun silih perangan.

7

Carita hal Abia kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

8

Abia pupus sarta dimakamkeun di Kota Daud, tuluy digentos ku Asa putrana, jadi raja.

9

Asa mimiti jumenengna raja teh sanggeus Yarobam dua puluh taun ngarajaan di Israil.

10

Ngarajaanana di Yerusalem, opat puluh hiji taun lilana. Anjeunna putu Maaka binti Absalom.

11

Lampah Raja Asa ngagenahkeun manah PANGERAN saperti Daud karuhunna.

12

Jelema-jelema anu ngabarakti ka brahala-brahala bari jarinah di tempat-tempat pangibadahanana, lalaki awewe kabeh disingkah-singkahkeun dialusiran. Arca-arca brahala beunang ngadamel sepuh-sepuhna oge disingkir-singkirkeun.

13

Malah eyangna pisan, Maaka, dirorod tina kalungguhan ibu suri, lantaran ngadamel arca Dewi Asera, dewi kasuburan anu pikaijideun. Arcana ku anjeunna dikadek mani potong dua, tuluy diduruk di Lebak Kidron.

14

Ngan ari tempat-tempat pangibadahan ka brahala-brahala mah ku Asa diantep teu ditumpurkeun. Tapi sanajan kitu sapanjang jumenengna anjeunna tetep tuhu ka PANGERAN.

15

Barang-barang beunang ramana nyucikeun pikeun ka Allah kitu deui beunang anjeunna pribadi nyucikeun, paparabotan emas jeung perak, ku anjeunna disimpen di Bait Allah.

16

Antara Raja Asa ti Yuda jeung Raja Baasa ti Israil keur jarumenengna teu weleh silih perangan.

17

Hiji mangsa Baasa nempuh ka Yuda, tuluy ngabenteng kota Ramah, megat jalan kaluar asupna urang Yuda.

18

Tumali jeung eta, Raja Asa ngaluarkeun emas jeung perak sakarina ti kamar dunyabrana Bait Allah jeung karaton, dititipkeun ka mantri-mantrina sina dihaturkeun ka Raja Benhadad bin Tabrimon putu Hesion, Raja Siria anu calik di Damsik. Amanatna,

19

"Urang ngahiji sauyunan sapertos rama urang kapungkur. Dupi ieu emas sareng perak sumeja kahaturkeun. Panuhun kaula mugi sampean ulah ngabantu deui ka Baasa raja Israil, supados eta raja narik baladna ti wewengkon kaula."

20

Raja Benhadad nyaluyuan kana pamundut Raja Asa, tuluy nginditkeun gegedug perangna sabaladna ka wewengkon Israil, nepi ka bisa ngarebut kota Iyon, Dan, Abel Bet Maaka, wewengkon deukeut Talaga Galilea, jeung sakuliah wewengkon Naptali.

21

Barang Raja Baasa ngadangu eta kajadian, ngagentak liren ngabentengna kota Ramah, gancang ngabujeng ka Tirsa.

22

Geus kitu Raja Asa gancang marentah supaya urang Yuda ulah aya anu kari kudu ngabarantu ngakutan batu jeung kayu ti Ramah, anu ku Raja Baasa dianggo ngabenteng kota Ramah. Eta bahan-bahan ku Raja Asa dianggo ngabenteng Mispa jeung Geba di wewengkon Binyamin.

23

Lalampahan Raja Asa, kagagahanana, kota-kota anu dibenteng ku anjeunna, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda. Dina kasepuhnakeun anjeunna katarajang kasawat dampal sampean nepi ka teu iasa angkat-angkatan.

24

Asa pupus, dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud. Karajaanana diteruskeun ku Yosapat, putrana.

25

Sanggeus dua taun Raja Asa nyepeng karajaan Yuda, Nadab bin Yarobam jadi raja di Israil. Ngarajaanana ngan dua taun.

26

Hirupna sarua jeung ramana, migawe dosa ka PANGERAN jeung ngadosakeun bangsa Israil.

27

Baasa bin Ahia ti kaom Isaskar sakait ngalawan ka Nadab. Nadab ku Baasa ditelasan waktu keur ngepung kota Gibeton di nagara Pelisti.

28

Ditelasanana dina taun katilu Raja Asa nyangking karajaan Yuda. Baasa jadi raja Israil ngaganti Nadab.

29

Kakara ge jadi raja, Baasa terus numpes ahli-ahli Yarobam, dipaehan kabeh teu aya anu dihirupan. Timbalan PANGERAN anu diucapkeun ku Nabi Ahia abdi-Na, ti Silo, yen sakabeh ahli Yarobam bakal tumpur, geus tinekanan.

30

Kitu temahna dosa Yarobam anu nyundut bebendu PANGERAN Allah Israil, jeung ngalantarankeun urang Israil marigawe dosa.

31

Lalampahan Nadab kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

32

Antara Raja Asa ti Yuda jeung Raja Baasa ti Israil keur jarumenengna teu weleh silih perangan.

33

Baasa mimiti jadina raja Israil teh dina taun katilu Raja Asa nyepeng karajaan Yuda. Calikna di Tirsa. Ngarajaanana dua puluh opat taun.

34

Lalampahan anjeunna teu beda ti Raja Yarobam, midamel dosa sarta ngalantarankeun urang Israil marigawe dosa.

Link: